Bagi maraneh nu ges gawe pasti bakal menang THR.
Nyaeta Tunjangan Hari Raya.
Tapi jeng nu can gawe tong bersedih.
Tenang menta we ka balad kanu ges gawe.
Inget ulah sok koret, da engke mun butuh ge bakal ka
babaturan deui.
Sok berehan da saling berbagi teh indah kacida.
Da moal mantak paeh mere ka babaturan mah.
Sanajan so aya babaturan nu ngalengit mun urang ker butuh.
Kembae da ngaran na ge jelema.
Nu penting mah urang bisa bermanfaat jeng batur.
Da saalus alus jalma nyaeta nu bisa mere manfaat ka batur.
Tapi omat ulah nepi di manfaatkeun.
Atur atur da ges dewasa.
Mana nu kudu bageur ka batur, mana nu ulah.
~Keep berehan,
sanajan duit ewehan.~
Heup …. Gimana maneh
Salam Pakuy
Pakuy #3 (buber Part2)
Acara bukber ieu paling jadi acara nu paling sok dilakukeun
pas dina bulan puasa.
Jadi ajang silaturahmi jeng reunian ti barudak sd smp sma
jeng budak kuiahan.
Atawa cees nu ges lila tara panggih.
Tapi chat ngan sabatas chat.
Obrolan na grup sakitu panjangna ngan saukur tahi lalat.
Hayu hayu bari caricing.
pergerakan ngan saukur kutak ketik.
pergerakan ngan saukur kutak ketik.
Tungtungna ngan saukur wacana.
Loba alesan sibuk jeng itu ieu, padahal aya di imah na
masing masing.
Akhirna Nu daratang nage saeutik.
Padahalna ngan saukur hayang papanggih jeng cees nu ges lila
tara panggih.
padahal mah ngan saukur hayang haha hihi jeng nostalgia.
tapi da kitu teh resep.
Da ges lila teu papanggih teh sok aya rasa sono.
Komo kanu cees saperjuangan mah.
Kenang-kenganna na pabalatak.
Da intina mah ngariung kitu teh hayang magehkeun tali
silaturahmi jeung duduluran.
Tapi da ah tahu bulat.
salagi waktos aya, kemon bercanda.
hayu piknik, kurangi ngetik.
salagi waktos aya, kemon bercanda.
hayu piknik, kurangi ngetik.
Ges ayena mah gimana maneh weh da ges darewasa.
Heup.
Salam pakuy.
Pakuy #3 (buber Part2)
Unknown
Juni 24, 2017
Unknown
Juni 24, 2017
Pasti bukber ieu bakal identik dina pas bulan puasa.
Enya buka bersama,
Ngomongna mah niat ajang silaturahmi.
Tapi ajang bukber ieu sok loba negatifna.
Komo bukber jeng babaturan nu gaya salangit tapi suku na
napak na taneh.
Pasti sok aya jelema
nu ngagulkeun rek tina hartana, kabogohna jeng sajabana.
Tapi teu kabeh nu kitu, ngan eta mah salah sahiji oknum
jelama nu adigung.
Tapi ges resiko da rek kumaha deui.
Niat ges alus, tinggal kumaha urangna.
Tapi dina bukber ieu lolobana tarawehna sok loba dipohokeun.
Padahal ngan dilakukeun sataun sakali.
Trus ayena duit jeng bukber loba kaluar jeng nu teu manfaat.
Mening disumbangkeun kanu lewih butuh tibatan urang.
bukber wareg hente duit kaluar loba enya.
cek mamah ge kudu megang prinsip hirup.
Nyaeta : duit weteuh beteung sebeh.
Tapi da hese, hirup ayena mah loba melaan gengsi.
Tungtuna mah Duit loba kaluar.
Nu tadina jeng meli baju bedug beak di pake bukber.
Jadi akhirna baju bedug teu ka beli.
Pakuy #2 (BukBer Part 1)
Unknown
Juni 20, 2017
Kabeh Ce'es, Kecuali MANTAN.
emang bener masa lalu bakal mere kenangan nu moal kapohokeun.
komo nu pernah bobogohan,
pek teh kabogohna urut balad sorangan, tungtungna garelut pedah awewe.
persahabatan nu sakitu lila na pegat pedah awewe.
ngerakeun!!!
ayena dina waktu aya reunian sakola, tungtungna teu bisa datang da era pernah parebut kabogoh.
jeng awewena teu nyaho diri, ges apal dua nana teh balad tapi di pepet duanana.
tungtungna kudu aya nu ngarelakeun salah sahiji, tungtungna bakal aya nu nyeri hate.
ges ayena mah kudu diajar dewasa, da hirup teh lain ku mikiran cinta hungkul.
ayena mah ges we diajar memperbaiki diri kanu lewih alus.
da urang teh moal salilana rek hirup, kudu neangan bekeul ker di akhirat oge.
doakeun babaturan nu can bener, ulah dimusuhan.
kabeh ce'es kecuali Mantan. heup..
Salam pakuy
gimana maneh weh
Pakuy #1 ( Kabeh ce'es, kecuali mantan)
Unknown
Juni 20, 2017
Unknown
Juni 20, 2017


