Pakuy #1 ( Kabeh ce'es, kecuali mantan)
- Juni 20, 2017
- by
Kabeh Ce'es, Kecuali MANTAN.
emang bener masa lalu bakal mere kenangan nu moal kapohokeun.
komo nu pernah bobogohan,
pek teh kabogohna urut balad sorangan, tungtungna garelut pedah awewe.
persahabatan nu sakitu lila na pegat pedah awewe.
ngerakeun!!!
ayena dina waktu aya reunian sakola, tungtungna teu bisa datang da era pernah parebut kabogoh.
jeng awewena teu nyaho diri, ges apal dua nana teh balad tapi di pepet duanana.
tungtungna kudu aya nu ngarelakeun salah sahiji, tungtungna bakal aya nu nyeri hate.
ges ayena mah kudu diajar dewasa, da hirup teh lain ku mikiran cinta hungkul.
ayena mah ges we diajar memperbaiki diri kanu lewih alus.
da urang teh moal salilana rek hirup, kudu neangan bekeul ker di akhirat oge.
doakeun babaturan nu can bener, ulah dimusuhan.
kabeh ce'es kecuali Mantan. heup..
Salam pakuy
gimana maneh weh

0 komentar:
Posting Komentar